Tadina teu kapikir blog ieu rek dieusian ku bahasa sunda tapi kusabab mawa ngaran garut teu hade oge mun dina blog ieu euweuh pisan postingan nu make bahasa sunda, sok sanajan bahasa sunda pribados kasar tur teu nurutkeun eyd sunda anu bener-bener nyunda tapi sahenteuna aya postingan nu make bahasa sunda, ayeuna mah diluar bahasan ngeunaan kontes seo nu ampir unggal poe aya dina sirah
timimiti kontes jang orok nepika kontes ratu kecantikan whahahaha. Tapi da lamun meunang eta kontes ratu kecantikan lumayan pisan jang lebaran, jaba sakeudeung deui pan lebaran teh. Nya rek kumaha teu bagja atuh ari meunang THR 25 juta mah, duit deuih lain ngan saukur daun atawa dongeng
Peun heula optimasi ayeuna mah kuring rek kurang-kerung dina karung heula, ngalancarkeun nulis jeng make deui bahasa luluhur kuring, kajeun rek kasar oge nu penting mah make bahasa lemah cai, tong teuing ari kasebat urang sunda tapi teu pernah nulis make bahasa lemah cai pan kirang hade kadanguna oge, komo mun kakuping ku teh liezmaya mah hahaha (aya keneh si teteh eta kitu?). Punten ah cocoretan ieu mah mung sakadar we ngalancarkeun nulis hungkul hehe, keun we da blog nu abdi pan, ner teu lur? bilih bade aya nu janten pengikut sim kuring kerang kerung dina karung mangga dulur diantos
